usik eling malik eling

lamun enya jadi jagal
poma pahing ulah beuki daging
pan kabeureuyan mah lain ku tulang leuleunjeuran
tapi ku cucuk anu mucuk

tong pondok panempo heureut paneuteup
pan cilaut ge kungsi deukeut ka alak paul
masing telik masing apik nya diri
da lian ti katubruk domba, kaduhung mah tara tiheula

tolab mah ulah dibarung subaha
sing jadi kembang eros nu angger wae seungit
sok sanajan taya angin ngahiliwir
jiga sang bagaskara nu tanggoh di jomantara

0 komentar:

Posting Komentar