benda mati dan benda hidup

1. Hayam naon anu sukuna sarebu?

Hayam keur pawey


2. Sato naon anu teu bisaeun mundur?

Sato nu keur nukangan tembok



3 . Bangku naon anu bisa didahar?

Bangkuang


4 . Batu naon anu teu aya di cai?

Batu garing


5 . Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?

Oray nu ngalegleg linggis


6 . Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?

Piring bolong


7 . Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?

Manuk anu kageleng mobil


8 . Naon sababna ban mobil tina karet?

Mun tina coklat pasti digembrong sireum


9 . Sapi naon anu bau?

Sapiteng


10. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?

Piringatan 17 Agustus

0 komentar:

Posting Komentar