SOK AH.....

  • 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ?
  • 2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
  • 3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
  • 4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
  • 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
  • 6. Bangku naon anu bisa didahar?
  • 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut?
  • 8. Batu naon anu teu aya di cai?
  • 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
  • 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
  • 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet?
  • 12. Hayam naon anu sukuna hiji?
  • 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik?
  • 14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
  • 15. Baso dibalikkeun jadi naon?
  • 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.?
  • 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
  • 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
  • 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
  • 20. Naon sababna ban mobil tina karet?
  • 21. Sapi naon anu bau?
  • 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?
  • 23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
  • 24. Pribumi di luar ari semah di jero ?
  • 25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang?
  • 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun?
  • 27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
  • 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
  • 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
  • 30. Jam naon anu bisa nembang?
TAAH JAWABANA

1. Toge
2. hayam goreng tepung
3. duit
4. kusabab tunduh we
5. gajah kapentok tembok
6. bangkuang
7. rujak
8. batu ginjal
9. oray paeh
10. aki2 pake kacamata, pke iteuk
11. cau
12. hayam jengke
13. kareta api
14. gede bohongna
15. bahe
16. paku payung
17. peureum
18. taluk
19. manuk katincak
20. lamun tina busa mah lain mobil
21. sapiteng
22. piringatan 17 agustus
23. sarimie mah lamun di keueum ngembang, lamun nini2 mah dikeueum keriput
24. hotel
25. taluk
26. tetes mata
27. hujan caina
28. taina
29. buah dada…wkwkwkwk
30. jamal mirdad


0 komentar:

Posting Komentar