Harita
Basa layung ngahibar di jomantara
Basa cai ngagalura di samudera
aya panah sang pamanah rasa
nanceub nyeuceub kana jero dada
ngetok-ngetok panto haté
ngagedor-gedor ku gembok jajantung
Harita
Basa panonpoé édék ngampih
dina dipan papandayan
disimbutan ku caangna bulan
dibaturan ku kiceupna béntang
aya béja ti batara bayu
tuh diditu
disisi basisir
Diposting oleh
Wilujeng Sumping
Label:
Puisi Sunda
0 komentar:
Posting Komentar