jodo????

Ceuk batur mah rupa uing teh goreng patut, uing seuri da memangna enya pisan. Najan kitu ari ningali wanoja nu amucuy mah sok ngadadak ngaruy. Pajarkeun teh lahuta,teu nalipak maneh,hayang kanu geulis,kitu meureun ting kecewisna batur basa uing kaperegok ngiringkeun mojang mencrang urang Ciherang. Dasar sirik ! Heueuh mun dipikir pikir mah boro boro batur dalah uing ge ngarasa heran,naha neng Novie anu sakitu amucuyna bet daekeun ka uing ?

"Wah nya meureun matak daekeun ge da dipelet !" kadenge batur sing kecewis deui. Daek meduuu ! uing ngagugudug nyeuneu. Rasa kaheran anu sok nyangkoyot dina hate ahirna kanyahoan, sihoreng matak daekeun ge geuning neng Novie teh pangacakan batur. Hmmhh... dasar nasib,rajeun meunang sikumpay ari pek teh geuning geus endogan. Lain raja tega tapi kapaksa, gelenceng tali pancingan anu kungsi nyangreud dihate neng Novie dipegatkeun, koleab koleab sikumpay nyoloyong kahilirkeun. Rob loba nu muru. Dina jero hate ngan ukur bisa ngagerentes

"Pek tah saha nu hayang kabalejog deui !"

Tujuh poe tiharita clom tali pancingan di epankeun deui,giriwil aya nu nyanggut,kulap kelep dulak delek beuki lila beuki sidik sugan teh si Laohan impor ari pek teh geuning nu nyanggut teh ngan ukur si jaer hideung. Pamikir teh lumayan hideung hideung ge da geuning hideung santen,kaparengan palebah rupana mah nurubcupu jeung uing....uing belewuk...neng Surti sijaer tea cakeutreuk..serasi lah..! Tapi edas...sugan teh epana cukup ku jenil baso,cilok atawa es teler, da geuning lamun ngajak jajan matak rangkebong eusi dompet. Lamun geus kitu sok langsung we ngahaleuang lagu "Balikin" anu sok dihariringkeun ku para slankers "Mencintai kamu...bikin dompet gue kebobolan...balikin... oh... oh balikin !"

Tilu poe hahadean jeung manehna awak geus ngorotan tilu kilo, begang lantaran mikiran pangabutuhna. Tibatan awak jadi begang,hutang raweuy, luluasan jemprung,tali pancingan anu nyangreud di biwir si Jaer hideung dipegatkeun deui.

Koleab koleab si jaer matre ngoleab nuju kahilirkeun. Dina jero hate ngagerentes deui "Pek tah saha nu daek mulung!" Nepi ka ayeuna tali pancingan can wani ditaheunkeun deui,sieun keneh,ginggiapeun keneh,sieun deui manggih sikumpay endogan atawa bisi meunang
deui si jaer matre. Keun urang dodoho wae didieu, diluhureun golodog, sugan wae aya Siti Nurhaliza ngalanggkung atawa Bella Saphira ngaliwat.

Da ceuk nini ge cenah jodo mah jorok, euweuh aturan yen nu geulis kudu jeung nu kasep,atawa nu goreng jeung nu goreng deui, ari geus jodona mah bisa wae uing ge meunangkeun nu geulis. Lamun seug Siti Nurhaliza kaparengan ngaliwat kadieu heug dulak delek ka uing terus maksa menta dicangcang ku uing atawa Bella Saphira kukulamprengan kadieu heug kulap kelep terus maksa menta dikawin ku uing, pasti batur teh gujrud bari sing kecewis deui

"Ngalamun teh tong kamalinaan teuing euy..bisi ngebul tah sirah !"(SR)

Maling cocooan si aki

Bari nyingsatkeun sampingna sinini gura giru muru ka imah pa RT, nek laporan yen sinini peuting tas kapalingan.

"Ni...ya naon nu kapalingan teh ?" tanya pa RT ka sinini.

"Untung pa RT nu kapalingan teh ngan ukur cocoan siaki,padahal dihandapeun kasur emas batangan aya lima kilona, duit sapuluh gepok, surat surat penting, saham saham jeung deposito anu nilaina miliaran, nini ge ngarasa aneh naha nu dicokot teh ngan ukur cocoan siaki !".

"Naon nu dimaksud cocoan siaki teh nini ?" pa RT teu ngartieun.

"Kieu geura dongengna, biasana si aki mun hees sok dimana wae goledagna aya di hareupeun hawu, aya dihareupeun goah, kadang kungsi dipakalungan domba, tah harita kaparengan tas nongton pilem bay watch, sigana teu karasa guher we siaki sare dihareupeun tivi, nini ampih kaenggon, kira kira jam tilu peuting di enggon aya nu gigilisiran, ari sugan teh siaki ngajak "heureuy" ku nini teh dianteup we ongkoh tiris deuih mun sorangan mah,kira kira geus satengah jam pagulei,aya nu ngagorowok...wangsaaat...! wangsaaaat..! nini reuwas pas disidikeun sihoreng geuning nu ngagorowok teh si aki, reuwaseun meureun waktu ngalilir panto hareup nyampak muka, nini oge beuki reuwas naha nu ngeukeupan nini ieu saha ? teu antapwarah jelepuk kunini ditajong...jengkang si wangsat teh ngajengkang, pas pisan kana jandela anu sorena poho can diselotkeun, gubrag ngagebut kaluar, terus beretek lumpat... tah kitu pa RT dongengna teh...!"

Jadi nini teh tas..tas.....!"

"Sssst..tong rea beja...bisi kadengeeun ku siaki....gawat !" (SR).

Raja copet

Di salah sahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
" Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk tukang dompet.
" Aya model sejen ?"
" Sadayana ge sami kang...model anti copet..ngan nu benten teh rantena panginten...aya nu saageung rante anjing, tah upami hoyong saageung rante kapal kedah pesen heula !"
" Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !" ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu.
" Maksad akang ?"
" Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da tisialing nya ?"
" Sae atuh kang, meh aman !"
" Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek ngurangan !"
" Jadi akang ge tukang dompet oge kitu ?"
"Lain !"
" Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya pakasaban akang teh naon kitu ?"
" Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu !"

Apel

"Lamun seug bobogohan kawas keur bulan puasa, meureun moal olok lipen stip !" ceuk Oneng ngagereneng ka Onih basa balik tarawehan.

"Naha kitu ?" tanya Onih semu nu heran

"Sasarina mah samemeh bulan puasa, karek saminggu ge geus beak salosina,tapi ayeuna hiji ge aya keneh sapotong deui, da eta kang Odoy
Surodoy mah meni euweuh kabosen ngapelan teh meni unggal poe, bakating ku cinta meureun ka uing!"

"Naon hubungan apel jeung lipen stip ?" tanya Onih bari kerung
"Hih..ari maneh kawas teu karasa wae, teuing atuh da kang Odoy mah teu kaop ningali biwir urahak sok langsung we nyosor !"

"Tomi ngak gituh !" Onih nimpalan nurutan iklan, da kaparengan deuih kabogohna ge ngarana Tomi.

"Nya meureun kabogoh maneh mah kurang romantis !"
"Ceuk saha euy...puguh pang romantisna sadunya..tuh tingali diburuan imah uing kembang ngabugbrug, eta teh kiriman kang Tomi bisi teu nyaho mah !" Onih ngadadak kuraeud baeud

"Ari ayeuna keur bulan puasa masih keneh sok susar sosor kitu ?" sambungna deui

"Ih..puguh geus dibejakeun, ari bulan puasa mah teu pati teuing, jadi lipen stipna oge awet !"
"Ari eta geuning make meuli dua losin sagala, jeung saha ?"
"Puguh sasayagian jang engke tas lebaran !" (SR)

Bau jengkol

Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.

"Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.
"Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..

"Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.

"Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?"
"Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"

kudu aya s-an

Heuheu... jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum di kampus. Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis heula, kabeneran kuring nu nyieun soalna.

"Gambarkeun struktur asam amino glisin!" ceuk uing teh.
"Mangkahade, glisin teh salasahiji asam amino nu ngandung S!" ceuk uing deui nalika keur ngawaskeun nu migawe kuis.

Barudak arolohok sakedapan, tapi saterusna mah pating elengeh.
"Nya heueuh atuh!" ceuk praktikan nu urang Sunda teh.

Da memang najan glisin teu boga unsur "S" (sulfur, walirang) na wangunan
molekulna, ari nulis glisinna mah tetep bae kudu aya "s"-an.

Ditilang polisi

Waktu eta teh s “Bedul" ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.

Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna

Bedul: "Ku naon pa abi di eureun keun??"
Polisi: "Arek mariksa"
Bedul : "Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA………..
Polisi: "lain eta maksud saya mah"
Bedul: "Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala"
Polisi: "Ari SIM na mana ??"
Bedul: "Oh eta maha bi can gaduh pa!"

Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM

Langsung maneh na eureun

Bedul: "Aya naon deui pa ??? SIM aya .... motor komplit Naon deui pa?"

Polisi: "maneh teu pakai helem... Kapaksa ku saya maneh di tilang..."

Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi

Bedul: "Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge"

Polisi: "Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???"

Bedul: "Ohhh euya ya... geuning aing bolohoy!"

Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan...