11
Maret

jodo????

Ceuk batur mah rupa uing teh goreng patut, uing seuri da memangna enya pisan. Najan kitu ari ningali wanoja nu amucuy mah sok ngadadak ngaruy. Pajarkeun teh lahuta,teu nalipak maneh,hayang kanu geulis,kitu meureun ting kecewisna batur basa uing kaperegok ngiringkeun mojang mencrang urang Ciherang. Dasar sirik ! Heueuh mun dipikir pikir mah boro boro batur dalah uing ge ngarasa heran,naha neng Novie anu sakitu amucuyna bet daekeun ka uing ?"Wah nya meureun matak daekeun ge da dipelet !" kadenge batur sing kecewis deui. Daek meduuu ! uing ngagugudug nyeuneu. Rasa kaheran anu sok nyangkoyot dina hate ahirna kanyahoan, sihoreng matak daekeun ge geuning neng Novie teh pangacakan batur. Hmmhh... dasar ...
11
Maret

Maling cocooan si aki

Bari nyingsatkeun sampingna sinini gura giru muru ka imah pa RT, nek laporan yen sinini peuting tas kapalingan."Ni...ya naon nu kapalingan teh ?" tanya pa RT ka sinini."Untung pa RT nu kapalingan teh ngan ukur cocoan siaki,padahal dihandapeun kasur emas batangan aya lima kilona, duit sapuluh gepok, surat surat penting, saham saham jeung deposito anu nilaina miliaran, nini ge ngarasa aneh naha nu dicokot teh ngan ukur cocoan siaki !". "Naon nu dimaksud cocoan siaki teh nini ?" pa RT teu ngartieun."Kieu geura dongengna, biasana si aki mun hees sok dimana wae goledagna aya di hareupeun hawu, aya dihareupeun goah, kadang kungsi dipakalungan domba, tah harita kaparengan tas nongton pilem bay watch, ...
08
Maret

Raja copet

Di salah sahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet." Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk tukang dompet." Aya model sejen ?"" Sadayana ge sami kang...model anti copet..ngan nu benten teh rantena panginten...aya nu saageung rante anjing, tah upami hoyong saageung rante kapal kedah pesen heula !"" Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !" ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu." Maksad akang ?"" Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da tisialing nya ?"" Sae atuh kang, meh aman !"" Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek ngurangan !"" Jadi akang ge tukang dompet ...
08
Maret

Apel

"Lamun seug bobogohan kawas keur bulan puasa, meureun moal olok lipen stip !" ceuk Oneng ngagereneng ka Onih basa balik tarawehan."Naha kitu ?" tanya Onih semu nu heran"Sasarina mah samemeh bulan puasa, karek saminggu ge geus beak salosina,tapi ayeuna hiji ge aya keneh sapotong deui, da eta kang OdoySurodoy mah meni euweuh kabosen ngapelan teh meni unggal poe, bakating ku cinta meureun ka uing!""Naon hubungan apel jeung lipen stip ?" tanya Onih bari kerung"Hih..ari maneh kawas teu karasa wae, teuing atuh da kang Odoy mah teu kaop ningali biwir urahak sok langsung we nyosor !""Tomi ngak gituh !" Onih nimpalan nurutan iklan, da kaparengan deuih kabogohna ge ngarana Tomi."Nya meureun kabogoh maneh ...
08
Maret

Bau jengkol

Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya."Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb."Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus.."Heueuh ari ka wanoja ...
08
Maret

kudu aya s-an

Heuheu... jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum di kampus. Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis heula, kabeneran kuring nu nyieun soalna."Gambarkeun struktur asam amino glisin!" ceuk uing teh."Mangkahade, glisin teh salasahiji asam amino nu ngandung S!" ceuk uing deui nalika keur ngawaskeun nu migawe kuis.Barudak arolohok sakedapan, tapi saterusna mah pating elengeh."Nya heueuh atuh!" ceuk praktikan nu urang Sunda teh.Da memang najan glisin teu boga unsur "S" (sulfur, walirang) na wangunanmolekulna, ari nulis glisinna mah tetep bae kudu aya "s"- ...
08
Maret

Ditilang polisi

Waktu eta teh s “Bedul" ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehnaBedul: "Ku naon pa abi di eureun keun??"Polisi: "Arek mariksa"Bedul : "Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA………..Polisi: "lain eta maksud saya mah"Bedul: "Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala"Polisi: "Ari SIM na mana ??"Bedul: "Oh eta maha bi can gaduh pa!"Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh ...