HARITA, dina paro bulan Juli 2005, kuring ngalangeu di lobi hotél, di Atambua, Nusa Tenggara Timur. Sabot keur kitu, teu kanyahoan datangna, ujug-ujug pok aya nu nanya ti tukangeun, “Selamat Sore, Bapak.”
Rét kuring ngalieuk. Bréh aya barudak ngora duaan, umurna sapantar, kira 20 taunan. Dedeg pangadegna sidik urang dinya: hideung jeung perekel, buuk wé kiriting.
“Aya naon?” kuring nanya.
Maranéhna muka tas, terus ngaluarkeun barang-barang karajinan tina onyx.
“Mamanawian Bapa kataji. Mangga nawiskeun. Mirah, Pa!” pokna.
Kuring nyidik-nyidik barang nu ditawarkeun. Jero pikir, sidik ieu mah onyx jieunan Tulungagung. Kuring nyaho sabab kuring gé kungsi ngajualan barang-barang karajinan tina onyx.
“Wah, ieu mah jieunan Tulungagung. Ti Jawa. Sayah ti Jawa. Nu kieu mah loba di Jawa gé,” pok téh.
Nu nawarkeun barang téh kalah ngaharuleng ngadéngé kuring ngomong kitu. Tayohna, maranéhna nyangka yén kuring lain ti Pulo Jawa.
Teu kungsi lila, nu saurang pok ngomong, “Euh, Bapa ti Jawa? Pa, abdi ngiring, Pa. Ngiring didamel di Jawa!”
Kuring mencrong. “Ngilu digawé ka Jawa kumaha?”
“Enya, Pa, di dieu mah hésé padamelan. Abdi tamatan SMA. Abdi kersa didamel naon waé. Upami Bapa tiasa, abdi badé ka lembur heula, nyandak ijasah. Paling ogé sadinten tos wangsul deui. Ngiring nya, Pa,” walon nu saurang satengah maksa bari jeung paromanna pikarunyaeun.
Ras kana pangalaman 23 taun katukang. Harita kuring keur digawé di leuweung Kalimantan Barat. Leumpang ingkud-ingkudan, suku nyareri balas lumampah unggal poé, mapay-mapay jalan meunang naratas. Leumpang nyorang jalan satapak, kacida capéna. Unggal ngaléngkah suku téh kudu diangkat luhur-luhur, sabab kahalangan ku rungkun. Nu naratas jalan ukur ngababad luhurna wungkul.
Éstuning ripuh. Nya ingkud-ingkudan nya késang ngucur saawak-awak, katojo ku panonpoé lebah ubun-ubun. Panas éréng-éréngan. Ransel nu digagandong, nu tadina hampang, asa beuki beurat.
Pok aya sora ti tukangeun, “Pak, Pak, biar ranselnya saya bawa.”
Rét kuring ngalieuk. Bréh nu seuri soméah. Horéng pagawé lokal nu kakara asup. Awakna beresih konéng, buukna rancung dicukur purutul. Kuring teu nyaho saha manéhna téh, da kakara ngilu digawé poé harita. Ongkoh deuih nu naréangan tanaga lokal purah mantuan digawé mah lain kuring. Ceuk kuring téh, “Enya, ieu ransel téh asa beurat pisan. Jeung ieu suku na mana nyeri-nyeri teuing. Sok atuh bawa ku manéh.”
Geuwat manéhna manggandongkeun ransel. Kuring neruskeun lalampahan. Manéhna ngiclik tukangeun. Bari leumpang pok kuring nanya, “Saha ngaran téh?”
“Apuy, Pa!”
“Urang dieu atawa urang Sanggaulédo?”
“Abdi urang Sanggaulédo. Kamari sonten Pa Endun ngajak didamel.”
Pa Endun téh anak buah kuring. “Lain, Puy, na manéh mah geuning béda jeung nu séjén. Kulit manéh mah konéng, jeung rada sipit.”
“Abdi turunan Cina, Pa!” walonna bari nyéréngéh.
“Bisa basa Cina atuh?”
“Tiasa, Pa. Mung bénten sareng basa Cina di Jawa. Di dieu mah nganggo basa Khe.”
“Euh, kutan kitu? Bapa mah henteu terang, da sarua waé kadéngéna mah,” pok téh, rada hookeun.
Barang tepi ka nu dijugjug, kuring sabatur-batur nyieun kémah, da survéy téh di jero leuweung. Si Apuy digawéna segut pisan, malah pangrajinna. Masak ogé pinter jeung ngeunah deuih.
Kadang-kadang kuring ngomong, “Puy, henteu maké minyak babi mah masak téh? Geuning pasakan manéh mah ngeunah pisan!”
“Wah, si Bapa mah. Abdi gé terang atuh, urang Muslim mah tara tuang Babi,” walonna.
Lamun keur salsé, kuring sok tunyu-tanya soal basa Cina. Piring disebutna naon, ari téko naon Cinana, jeung lian-lianna. Ayeuna mah geus pararoho deui. Nu inget téh wo ai ni jeung wo he ni. Wo ai ni hartina “kuring bogoh ka manéh”, ari wo he ni mah “kuring sebel ka manéh”.
Ku lantaran alus gawéna, sanggeus réngsé survéy di daérahna, si Apuy diajak deui digawé di daérah séjén di Kalimantan Barat. Harita pagawéan kuring lokasina ampir di unggal kabupatén di Kalimantan Barat. Anggota tim kuring ogé raresepeun ka si Apuy, komo Pa Endun mah. Pa Endun téh urang Garut, umurna geus kolot, tapi teu boga anak. Nyaaheun pisan ka Si Apuy. Paribasa, “Asa boga anak.”
Teu karasa, sanggeus ampir satengah taun kuring di Kalbar, pagawéan téh anggeus. Harita kuring keur aya di Kota Sintang. Haté ngarasa atoh duméh rék balik, komo anggota tim mah. Maranéhna mah gembleng genep bulan teu balik-balik téh. Kuring mah bisa kénéh balik sabulan sakali, da kudu ngalaporkeun hasil pagawéan ka Jakarta.
Peutingna méméh miang ka Pontianak, Pa Endun nyampeurkeun. Pokna, “Pa, kumaha lamun si Apuy téh dicandak wé ka Bandung?”
Kuring kerung. “Dibawa ka Bandung? Rék di mana cicingna?”
“Di rorompok wé, Pa. Keun wé di Bandung mah kumaha abdi. Pangongkosankeun wé ti dieuna ku Bapa!”
Kuring rada bingung rék ngaheueuhkeun teh. Orokaya ana ngarérét kana panto, horéng si Apuy keur ngadédéngékeun gunem catur kuring jeung Pa Endun. Ku kuring digeroan, “Puy, ka dieu!”
Gék manéhna diuk. Ku kuring ditanya, enya henteuna manéhna hayang milu ka Bandung. “Leres, Pa. Abdi hoyong terang Jawa, hoyong terang Jakarta, sareng hoyong terang karéta api,” pokna bari semu nu ngalengis.
Teu wudu kuring éléh déét. Léah. “Heug atuh. Ku sayah diongkosan, ari hayang-hayang teuing mah. Ngan ari sayah mah can boga imah, da bujangan kénéh. Masih saimah jeung kolot kénéh. Paling jeung Pa Endun, kajeun?”
Si Apuy kacida bungahna. Manéhna sababaraha kali nganuhunkeun. Anggota tim ogé galumbira, komo Pa Endun mah. Galumbira duméh Si Apuy bakal nyaho karéta api, lain ukur tina gambarna.
Di Bandungna Si Apuy cicing di imah Pa Endun. Kungsi manéhna dibawa nganjang ka imah. Harita kuring masih bujangan, masih nganjrek di imah Uwa. Di imah Uwa Si Apuy ditanggap ku Ua jeung dulur-dulur kuring. Pada nanyakeun kumaha di Bandung téh. Resep cenah. Aya kapal udara, karéta api jeung éta cenah seueur beus galedé, da di Kalbar mah nu disebut beus téh ukur beus tilu parapat. Ngan cenah, manéhna sok lieur ningali jalma nu sakitu réana. Ku naon cenah loba-loba teuing jelema ari di Bandung. Saréréa sareuri ngadéngé jawaban si Apuy. Ngagareuhgeuykeun.
Teu karasa, geus ampir tilu bulan Si Apuy aya di Bandung. Kuring jarang panggih. Paling gé béjana wé ti Pa Endun, da unggal poé papanggih di Kantor. Ceuk Pa Endun, Si Apuy téh pada ngondang, diajak mondok di imah anak buah kuring nu séjénna. Kuring ngilu atoh, sabab asa boga dosa lamun Si Apuy kadungsang-dungsang di Bandung. Ma’lum, manéhna téh kapan urang leuweung, teu nyaho kota gedé jiga Bandung.
Genep bulan ti saprak kuring balik ti Kalbar, kuring meunang pagawéan deui di Kalbar. Ngan ku lantaran pagawéanana leutik, kuring rék nitah babaturan wé sina indit ka Kalbar, da ukur tilu minggueun. Pa Endun teu dibawa. Kuring gé teu niat rék ngajak deui Si Apuy, da jero pikir geus betaheun di Bandung. Tapi pitilu poéun deui rék arindit, Pa Endun asup ka rohangan kuring di kantor. Gék diuk bari nyanghareup ka kuring. Pokna, “Pa, Si Apuy téh candak deui wé ka Kalbar. Duh, abdi ripuh.”
“Har, na kumaha ieu téh? Pan Pa Endun nu ngusulkeun sangkan Si Apuy diajak ka Bandung téh. Kari-kari ayeuna ngusulkeun sangkan manéhna diajak deui ka Kalbar.”
“Aduh, Pa, Si Apuy téh geuning jadi bangor. Robah sipatna. Unggal wengi tara aya di rorompok. Kukulayaban di kota Bandung. Malah aya wartosna sok mabok-mabok jeung barudak bengal di Cicadas. Sareng éta deuih sok ka awéwé.”
“Ka awéwé kumaha? Nya keun waé atuh ari boga kabogoh ka urang dieu mah.”
“Sanés kitu, Pa. Ieu mah ka awéwé bangor, nu sok nalangkring tengah wengi geuning di alun-alun jeung di Cicadas.”
Kuring ngahuleng bakat ku reuwas. Cilaka, Si Apuy kababawa ku teu balégna hiji kota. “Urang leuweung” téh nyaluyukeun diri jeung kahirupan peuting kota Bandung. Kuda leupas ti gedogan. Aya rasa handeueul, ngarasa dosa, naha atuh kuring téh maké ngongkosan manéhna ka Bandung sagala. Pa Endun dipencrong. Kuring keuheul pisan. Tadina mah rék ngambek, tapi ana dipikir deui, ah teu bisa nyalahkeun Pa Endun, jalma soleh jeung bageur, anu teu boga anak.
“Ké, Pa Endun. Sayah kudu mikir heula, sabab sayah kudu ngitung deui ongkos nu survéy, da katambahan meureun ku ongkos Si Apuy. Ké dibéjaan deui isukan,” omong kuring leuleuy.
Sanggeus badami jeung nu rék arindit, ahirna meunang kacindekan yén Si Apuy rék diajak balik deui ka Kalbar. Kuring ngabéjaan Pa Endun, tikét geus dipesenkeun, tur jam 3 subuh kudu geus kumpul di kantor, da pesawatna baris hiber jam 8 isuk-isuk ti Kemayoran. Dina poéanana balik, Si Apuy pada ngajajapkeun. Kuring ogé subuh-subuh geus ka kantor, ngajak sasalaman ka manéhna. Manéhna kaciri rada nguyung, tapi seurina nu soméah mah masih aya. Pokna, “Nuhun, Pa, abdi janten terang Jakarta sareng Bandung.”
Kuring ogé nyéréngéh, haroréam ngomong. Tapi ahirna mah pok kuring ngomong, “Ti Pontianak manéh bisa langsung naék beus ka Sanggaulédo. Ongkos mah ménta wé ka Pa Ruchiat.”
“Muhun, Pa. Kumaha Pa Ruchiat wé engké di Pontianak,” walonna bari sup ka jero mobil nu rék nganteurkeun ka Lapang Udara Kemayoran.
Si Apuy ahirna balik deui ka “habibatna”. Ti harita kuring teu meunang béjana deui. Ongkoh kuring teu kungsi nganjang deui ka Kalbar. Kuring ukur ngadu’a, mudah-mudahan wé “kabiasaanana” di Bandung ulah dibabawa ka lemburna.
“Pak, bagaimana, Pak. Bisa tidak bawa saya ke Jawa?”
Kuring ngagebeg, kagareuwahkeun tina ingetan ka Si Apuy. Ngusap beungeut. Kuring lain keur di Kalbar, tapi di Atambua, NTT. Budak nu nawarkeun onyx téa, ku kuring diteuteup. Kasép, séhat, soméah, siga si Apuy, ngan nu ieu mah kulitna hideung jeung buukna kiriting. Kuring ngoléséd tina korsi, jung nangtung, bari pok ngomong, “Ah, Jang, mending di dieu wé. Di Jawa mah geus loba teuing jelema. Di ditu gé sarua néangan gawé téh hésé!”***
(waluya)
Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.
Nya danget ieu pisan, lembur téh kari waasna. Sampalan pangangonan, pasir eurih pamikatan, jalan satapak ka mumunggang, boa moal kasampeur deui. Enya, biheung bisa balik ka lemah karuhun, tur geus dikayidkeun pamohalan balik deui.
Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.
Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.
“Hayu atuh!” pokna.
“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.
“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”
“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”
“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”
“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”
“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”
“Saha baé nu milu téh?”
“Loba. Geus taruluy batur mah!”
Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.
“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.
Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.
Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.
“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.
“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.
“Hayu atuh urang indit ayeuna!”
Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.
Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.
Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.
Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.
Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa.
Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.
“Pa, rék kamana urang téh?”
“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.
Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.
Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?
Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.
Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.
“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa Lebé.
“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.
Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.
Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.
“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu pangjerona.
Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?
Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya kitu.
“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.
“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”
“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”
“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.
“Pikiran baé ku sorangan!”
Lebeng. Henteu kapikir.
Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.
Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.
Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.
Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.
***
Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.
Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.
Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.
Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.
“Ku naon Pa Olot?”
Henteu ngajawab.
Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.
Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.
Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.
Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.
“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.
Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu tinggaleun.
“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.
“Saha anjeun?”
“Pangeusi ieu kapal!”
“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”
“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”
“Naha anjeun henteu milu ceurik?”
“Naon nu perlu diceungceurikan?”
“Itu geuning batur mah …”
“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”
“Kabéh aya nu tinggaleun?”
“Enya!”
“Kaasup kuring?”
“Bisa jadi!”
“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”
“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.
Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.
“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.
Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias …
(Dadan Sutisna)
(DIAH datang ka kontrakan basa kuring keur ngahurungkeun komputer. Kagok, manéhna terus dititah saré.)
Matak gogodeg nénjo beubeunangan Collen Sire. Beuki engeuh, pangaweruh téh tangéh kénéh ka bisa mapakan manéhna.
Animasi nu cenah meunang ngadekul sabulan campleng téh teu burung ngabetot imajinasi. Lebah ngimpleng sétting, katémbong Collen beunghar ku reférensi. Pangpangna dina ngagambarkeun kaayaan dunya abad ka-14, najan bisa jadi henteu persis kitu.
Éndingna deuih nu matak ngangres téh. Haté lir nu digenyot, asa dibawa ka alam mana boa. Basa Nyi Putri newekkeun patrem kana angenna, gambar nu dicokot téh tina cangkéng nepi kana suku nu ditilaman ku jukut garing. Getih patingkareclak maseuhan lemah. Ti dinya gambar zoom out, Nyi Putri ngarumpuyuk. Beuki jauh, katémbong amparan bugang nu patulayah. Beuki jauh, layung hurung ngarérab langit, tuluy fade-out kana warna hideung.
Cursor mouse ngajorélat kana tombol exit. Teu kungsi sadetik, nu katémbong dina layar monitor ukur wallpaper. Diteuteup sajongjongan mah. Dina layar monitor asa ngalangkang kénéh animasi beunang Si Collen.
(Diah ngulisik, ngarérét. Panonna ceuleuyeu. “Kumaha atuh, Kang?”)
Mimiti wanoh jeung Collen téh basa milu aub dina panglawungan website were-here, salah sahiji situs di internét nu sok dipaké adurényom ku programmer di sakuliah dunya. Collen Sire, cenah mah urang Éropah nu matuh di Amérika, weruh pisan kana seluk-beluk program komputer, pangpangna ngeunaan téknologi animasi tilu diménsi. Basa dikiriman é-mail, diajak wawanohan, manéhna gasik ngajawab, malah ngajak chatting sagala rupa. Nya ti dinya mimiti ngobrol ngalér-ngidul téh.
(Diah cengkat. Baeud.)
Nu matak kayungyun, najan sapopoéna ngagugulung script program nu sagemblengna maké kodeu logika, Collen ngahargaan pisan kana titinggal para karuhun. Cenah karesepna téh ngoléksi barang-barang kuno, atawa naon baé titinggal mangsa bihari.
“Biheung aya urang mun euweuh karuhun. Nu ngalalanyah téknologi gé apan karuhun urang,” pokna, hiji mangsa. “Titinggal karuhun téh surahaneun urang. Di nagara kuring mah, nalungtik paradaban bihari téh jadi proyék nomer hiji.” cenah, bari barabat manéhna nyebutan panalungtikan nu keur dihanca ku pamaréntah jeung para ahli di nagarana. Enya, da manéh mah cicing di nagara beunghar, cék haté. Tong boroning keur kapentingan bangsana sorangan, dalah nyieun website all-languages, nu bisa narjamahkeun sakur basa di sakuliah dunya gé apan dikeureuyeuh. Tangtu modalna henteu saeutik.
Collen terus nanyakeun kaayaan di Ttatar Sunda. Sajarahna, jelemana, nepi ka mojang-mojangna. Geus nyahoeun sabagian mah, pangpangna tina katerangan nu dimuat dina énsiklopédi digital kayaning britannica, encharta, atawa ancient world nu husus ngamuat sajarah purba.
Manéhna nanyakeun, naon baé titinggal paradaban bihari di Tatar Sunda téh? Ku kuring dijawab, sajarah Tatar Sunda dialamatan ku kapanggihna sawatara naskah kuno. Sawaréh geus ditalungtik ku para ahli filologi, tapi nu can kacabak gé réa kénéh.
“Téknologi bisa mantuan keur ngaguarna…” pokna, ngahatéan. “Kuring ngama’lum, di nagara anjeun mah panalungtikan masih kénéh maké padika nu konvénsional. Mun di nagara kuring mah, naskah kuno nu ngahunyud téh tangtu moal diantep kitu waé…”
(Diah neuteup. Biwirna ngawed. “Kumaha atuh, Kang?”)
“Sanés diantep, tapi dikeureuyeuh…”
“Tapi nembé ngalibetkeun filolog wungkul, sanés? Saha deui nu titén kana éta naskah salian ti filolog? Teras, naskah nu tos ditarjamahkeun téh dikumahakeun? Naha mung janten dokuméntasi sajarah, ditalungtik leuwih teleb, atanapi dikumaha?”
(Diah neuteup kénéh. Leungeunna ngebugan bantal.)
“Rupina teu acan dugi kana waktos baé…”
Collen bangun nu panasaran, malah hayang nyaho siga kumaha naskah Sunda kuno téh. Ku kuring dikiriman vérsi digitalna, kaasup nu geus ditarjamahkeun. Manéhna bangun kataji ku sempalan Pasunda-Bubat, da terus tetelepék, malah ménta tulisan-tulisan nu patali jeung éta.
Teu nitah teu sing, basa manéhna nyieun rékonstruksi Perang Bubat téh. Tapi teu burung olohok nénjo hasilna.
(Diah ngageuri. “Opat sasih, Kang…!”)
Internét disambungkeun deui, gasik muka Program Messenger. Collen geus online.
“Well done… saé pisan!” cékéng téh sanggeus mencétan keyboard.
“Nuhun!” mani gancang dijawab.
“Nganggo program tridi nu mana?”
“Ngadamel sorangan programna, teu aya icalan. Diical mah sok seueur nu ngabajak…” dina tungtungna titik maké smile, gambar sirah budak keur seuri. “Pilem-pilem animasi beunang urang Amérika, programna seuseuseurna mah ngadadak nyieun. Nu mawi hésé diturutanana. Urang Amérika langkung punjul dina ngawasa program komputer, margi aranjeunna mah gaduh kakeyeng sangkan hasil gawéna teu wawayagon. Bill Gates, enya gé pausahanana sok pada nyebut monopolis, tapi titén kana poténsi manusa di sakuliah dunya. Nu didamel di microsoft téh barudak jenieus ti unggal nagara. Rupina ti nagara Sadérék gé aya…”
“Donlod-na langkung ti sajam geuning, horéng file-na ageung pisan,” ngahaja méngkolkeun obrolan.
“Kantenan. Nu dikintunkeun nganggo résolusi pangluhurna, ngarah gambarna langkung écés. Sanés, éta téh leres kajantenan?”
(Diah beuki ngageuri. Kamar kontrakan geus simpé. “Iraha atuh, Kang?”)
“Leres henteuna mah teu terang. Mung di tatar Sunda mah tos sabiwir hiji. Pasunda-Bubat, sok disebat Perang Bubat…”
“Nanging sigana panalungtikan éta kajadian teu acan asak, maksad téh… teu acan dugi ka ngahasilkeun kacindekan émpiris. Naskah nu dikintunkeun ku anjeun, nu jadi bahan rujukan kajadianana Perang Bubat, teu acan masihan gambaran kajadian nu sanyatana. Sanés hartina urang ulah percaya kana éta naskah, nanging saéstuna naon nu ditulis ku jalma bihari téh guareun urang ayeuna, kaasup kajadianana Perang Bubat.”
“Maksadna?”
“Kuring ngadamel animasi Perang Bubat, sangkan anjeun mikir…”
“Sangkan mikir nyieun pilem Perang Bubat? Nurutan di nagara anjeun nu saban kajadian teu weléh dipilemkeun?”
“Sanés kitu. Tapi sabada ningal animasi beunang kuring, meureun anjeun boga pamanggih séjén, salian ti nyebut well done téh. Kahayang kuring, anjeun ngiritik bébéakan…”
“Naon nu kedah dikiritikna. Di nagara anjeun sagala reférensi nu aya di dunya geus nyampak. Lebah nyieun karakter urang Sunda bihari, beungeutna, pakéanana, leumpangna, cék kuring mah geus siga. Kuring yakin anjeun lain saukur maca naskah ngeunaan Perang Bubat, tapi néangan bahan séjénna…”
“Mun kuring nyarita yén kuring teu percaya kana kajadian Perang Bubat?”
“Hartina anjeun teu percaya kana sajarah, kana titinggal paradaban bihari.”
“Naon nu ku anjeun bisa ditémbongkeun keur ngayakinkeun kuring?”
“Apan geus dikirim naskahna!”
“Can cukup. Naskah mah cékéng gé guareun kénéh. Pararaton jeung Carita Parahyangan, ditulis ampir dua abad sabada kajadian Perang Bubat. Hartina meunang dua abad mah sempalan Perang Bubat téh ukur jadi gunem catur jalma-jalma mangsa harita. Sakitu gé aya nu leukeun kénéh mindahkeun kana tulisan. Kuring ngahaja mangnyieunkeun rékonstruksina, ngarah dina haté anjeun timbul sababaraha pertanyaan, nu jadi pangjurung anjeun atawa saha baé keur nalungtik éta kajadian leuwih teleb.”
“Naon nu kudu ditalungtikna? Téknologi komputer can bisa ari ngadatangkeun deui kajadian mangsa bihari mah. Sok ku anjeun jieun script-na, sangkan waktu bisa mundur tur urang nyaho kana kajadian nu saenyana.”
Mun keur adu-hareupan mah, sigana manéhna téh nyakakak. Dina layar monitor katémbong gambar sirah budak keur ngagakgak.
(Diah ngaléndé. Paromanna alum. Milu nyekelan mouse. “Mun ningal kasur nu itu, abdi mah sok émut ka lalakon bihari…”)
“Lain ka dinya maksudna. Paradaban bihari téh diguarna henteu cukup ku macaan naskah. Upamana, anjeun tangtu nyaho yén aya bangsa-bangsa nu diancurkeun, terus sempalanana dicatet dina kitab suci. Dina al-Qur’an disabit, Kaum Luth di Kota Sodom diancurkeun lantaran pangeusina méngpar tina ajaran agama. Éta katerangan jadi pamiangan para ahli keur ngayakeun panalungtikan. Nepi ka manggihan bukti-bukti arkéologisna. Cék logika, lian ti hukuman Pangéran téh, Kota Sodom nu diwangun panceg luhureun gurat téktonik, méré kamungkinan ayana lini nu rohaka. Handapeun Kota Sodom pinuh ku gas métana nu babari kahuru, méré kamungkinan kajadianana gunung bitu. Hartina, urang bisa manggihan bukti-bukti logisna…”
“Terus anjeun nitah kuring indit ka Bubat keur néangan bukti-bukti arkéologis? Beurat sigana… ongkoh éta mah lain pagawéan kuring. Geus réa deuih arkéolog nu mondok moék di Bubat téh…”
“Enya, ngan cék sawatara tulisan nu ku anjeun dibikeun, Perang Bubat masih kénéh nimbulkeun pro-kontra. Cék ieu kajadian, cék itu henteu. Ku nu hiji ditembrakkeun, ku nu hiji deui ditutupan. Bisi jadi lantaran aya pakaitna jeung aib mangsa bihari. Tur anjeun aya di pihak nu percaya kana éta kajadian…”
“Geus réa buktina…”
“Enya, tina naskah téa, pan? Ka dituna mah diwawaas. Dipasieup ngarah tragis. Kuring nu geus mulak-malik éta naskah, bisa waé nepikeun pamadegan. Upamana, kuring nyebutkeun yén saenyana aya hiji perjurit Pajajaran nu salamet. Manéhna terus nyamur, ngarah teu kapanggih ku urang Majapait. Anjeun nyaho, naon sababna Diah Pitolaka maéhan manéh?”
(Diah nangkeup. Tipepereket. “Tos tilu sasih abdi teu ka kampus, isin… Kumaha skripsi Akang, tos dugi ka mana? Sing énggal réngsé atuh, Kang…”)
“Kuciwa, tugenah, maténi diri demi nanjeurkeun Pajajaran…”
“Mun saenyana aya kajadian nu leuwih tragis, kumaha?”
“Maksud anjeun?”
“Upamana, maténi diri téh lain saukur kuciwa jeung tugenah, tapi…”
Manéh nulis maké simbul, tapi kuring nyaho hartina.
(Aya nu ngeclak tina panon Diah. Kana taktak. “Kang, putusan téh apan kacida pentingna…”)
“Digadabah? Digadabah ku perjurit Majapahit? Anjeun teu boga hak pikeun méngkolkeun sajarah!”
Késang mimiti renung. Ngaragajag saawak-awak. Mun aya hareupeun mah hayang sabekbekkeun nonjok Si Collen nu geus mangtaun-taun jadi sobat chatting.
(Leungeun Diah nyampay dina taktak. Beuki murubut cai tina panonna. “Akang bisa nyumput sotéh, tapi dina awak nembrak pisan. Kajeueung, Kang, ladang ngésang peuting mangsa bihari téh. Tilu sasih abdi teu ka kampus…”)
Collen idel heula sakeudeung. Siga nu méré lolongkrang keur ngarénghap. Teu lila ngurunyung deui. Lain saukur ngirim hurup, némbongkeun potrét deuih, ngajeblag dina rohangan chatting. Potrét hiji perjurit nu samakta ku pakarang.
“Naon maksudna?” cékéng téh, ngahaja ditulis ku maké hurup ukuran 30 point, sugan manéhna engeuh yén kuring keur guligah.
(“Énjing nya, Kang. Balaka wé ka Apa, piraku teu narima…”)
“Rékonstruksi perjurit Pajajaran nu teuneung ludeung. Meunang ngawawaas ti nu naskah nu ku anjeun dibikeun… Rék nempo gambar Pitolaka?”
(Diah nginghak kénéh.)
“Teu kudu! Tapi kuring sapamadegan, yén urang perlu deuih néangan bukti-bukti émpiris keur nyindekkeun hiji kajadian téh,” bari panon ngulincer ka sabudeureun kamar, néangan barang sabangsaning patrem. Bedog nu ukur dipaké hiasan ngagawing kénéh dina dingding.
“Bukti émpiris Perang Bubat mah apan geus aya…”
“Can aya!”
“Tapi hiji waktu bakal aya!”
(Diah ngegeblug kana kasur.)
“Énding animasi beunang kuring téa, cék anjeun kumaha?”
“Alus, alus pisan… tragis…” idel sababaraha jongjongan.
“Kira-kira kitu meureun nya, kajadianan téh?”
(Diah ngajerit. Kaméra dina panon nyokot angle tina cangkéngna kana ubin. Ukur ngarekam sababaraha keclak. Ti dinya mah terus fade-out.)
Bari ngahégak, ngarérét kana layar monitor. Collen geus offline.***